Sukabumi, BEDAnews.com
Sakumaha anu diungkabkeun ku Kapolrés Sukabumi Kota, AKBP Diki Budiman, S.Ik., M.H., Kota Sukabumi bébas tina béas sintétis atawa béas pelastik. Hal éta téh ditepikeun, sanggeusna réngsé ngalaksanakeun Sidak (Inspéksi Ngadadak), sakaligus ngalaksanakeun pangujian kana rupa-rupa jenis béas, anu dijual di Pasar Swalayan jeung Pasar Tradisional di Kota Sukabumi, babarengan jeung pihak Diskopperindag (Dines Koprasi, Perindustrian jeung Perdagangan) Kota Sukabumi, sawatara poé ka tukang. Maksud jeung tujuanana, nya éta pikeun ngaantisipasi ayana béas sintétis anu dijual di wewengkon Kota Sukabumi.
Sabab éta béas téh, mindeng jeung ramé dicaritakeun di kalangan warga masarakat. Salajuna dijelaskeun, dina éta sidak téh, teu manggihan ayana béas sintétis anu dijual, boh di Pasar Swalayan boh di Pasar Tradisional di Kota Sukabumi.
Lian ti éta ogé dijelaskeun, dina éta sidak téh, pihak Polrés Sukabumi Kota jeung pihak Diskopperindag Kota Sukabumi, lain ngan saukur ngecék jeung mariksa wungkul, tapi ogé langsung ngalaksanakeun pangujian kana rupa-rupa jenis béas, ku cara ngasupkeun rupa-rupa jenis siki béas ka jero botol anu dieusian ku cai.
Saterusna ditandeskeun, saupamana éta siki béas anu diasupkeun ka jero botol anu dieusi cai téh ngambang, éta béas téh pasti béas sintétis atawa ngandung bahan pelastik. Saterusna djelaskeun, salian sidak béas sintétis, pihak Polrés Sukabumi Kota jeung pihak Diskopperindag Kota Sukabumi, ogé ngalaksakeun sidak kana rupa-rupa jenis kadaharan anu dikemas, pikeun ngaantisipasi ayana kadaharan kadaluarsa anu dijual di Pasar Swalayan jeung Pasar Tradisional di Kota Sukabumi.
Sedengkeun Kepala Diskopperindag Kota Sukabumi, Drs. Ayép Supriatna, M.M. ngajéntrékeun, maksud jeung tujuan dilaksanakeunana éta sidak téh, pikeun mastikeun jeung ngayakinkeun ka warga masarakat, hususna ngeunaan isu béas sintétis, anu mindeng jeung ramé dicaritakeun di kalangan warga masarakat, ogé bisi aya rupa-rupa jenis kadaharan anu dikemas kadaluarsa.
Saterusna dijéntrékeun, dina éta sidak téh, teu manggihan aya béas sintétis, sarta teu manggihan aya kadaharan kadaluarsa, anu dijual di Pasar Swalayan jeung Pasar Tradisional di Kota Sukabumi. Ngan sok sanajan kitu, pihak Diskopperindag Kota Sukabumi jeung pihak Polrés Sukabumi Kota, arék salawasna usaha satékah polah, niténan jeung nengetan kana rupa-rupa jenis béas jeung kadaharan anu dikemas, bisi aya kadaharan anu kadaluarsa, atawa aya nu ngandung bahan kimia anu ngabahayakeun saperti formalin, utamana dina mapag Bulan Ramadhan jeung Idul Fitri Taun 1436 Hijriyah. (MYS)











