Sukabumi, BEDAnews.com
Pamaréntah Kota Sukabumi, pikeun anu munggaran meunang layang pangajén WTP (Wajar Tanpa Pengecualian) ti BPK (Badan Pemeriksa Keuangan) RI, lantaran geus hasil ngalaksanakeun LKPD (Laporan Keuangan Pemerintah Daérah) Taun 2014, sacara hadé jeung bener. Äšta layang pangajén téh, ditarima ku Walikota Sukabumi, H. Mohamad Muraz, S.H., M.M., cindekna dina tanggal 1 Juni 2015, babarengan jeung sajumlah Kamentrian, Badan, Lembaga, Gubernur, Bupati jeung Walikota séjénna, anu narima éta layang pangajén.
Walikota Sukabumi ngajelaskeun, éta layang pangajén téh, ngarupakeun hasil gawé anu rancagé jeung daria sakumna pihak, nya éta Pamaréntah Kota Sukabumi jeung DPRD Kota Sukabumi. Tah ku kituna, Walikota Sukabumi ngahaturkeun nuhun jeung pangajén anu saluhur-luhurna, ka sakumna unsur Pingpinan katut Anggota DPRD Kota Sukabumi, Sekretaris Daérah Kota Sukabumi, para Asistén Daérah jeung Setaf Ahli Walikota Sukabumi, sarta sakumna Kepala, unsur Pingpinan jeung Setaf di satiap OPD (Organisasi Perangkat Daérah), kaasup Kacamatan jeung Kalurahan sa Kota Sukabumi, anu geus ngalaksanakeun tugas jeung bajoang sakuat tanaga, dina nyalagarakeun LKPD, hususna dina ngalaksanakeun pangalolaan jeung pangadministrasian keuangan sarta barang jeung jasa sacara hadé jeung bener, anu ahirna Pamaréntah Kota Sukabumi, pikeun anu munggaran meunang layang pangajén WTP ti BPK RI.
Walikota Sukabumi ngaharepkeun, éta prestasi anu geus hasil dicangking téh, sangkan salawasna ditingkatkeun jeung dikembangkeun, supaya dina taun-taun nu bakal datang, Pamaréntah Kota Sukabumi bisa leuwih hadé deui, hususna dina nyalagarakeun LKPD di satiap OPD kaasup di Kacamatan jeung Kalurahan sa Kota Sukabumi, sarta di DPRD Kota Sukabumi, sacara detail atawa rinci kalawan hadé jeung bener, luyu jeung peraturan katut perundang-undangan anu geus ditangtukeun.
Lian ti éta ogé dijelaskeun, éta layang pangajén WTP ti BPK RI téh, pikeun sakumna aparat Pamaréntah Kota Sukabumi jeung DPRD Kota Sukabumi, katut sakumna lapisan warga masarakat Kota Sukabumi. Lantaran éta layang pangajén téh, ngarupakeun sala sahiji bukti nyata, yén pangalolaan jeung pangadministrasian keuangan sarta barang jeung jasa, anu dilaksanakeun ku Pamaréntah Kota Sukabumi jeung DPRD Kota Sukabumi, sarta di satiap OPD kaasup di Kacamatan jeung Kalurahan sa Kota Sukabumi, anu dina danget ieu meunang pangajén ti BPK RI geus hadé jeung bener, sarta leuwih detail atawa rinci dina satiap itemna. (MYS)













