• DISCLAIMER
  • PEDOMAN MEDIA CYBER
  • TENTANG KAMI
  • REDAKSI
  • Contact Us
Sabtu, November 28, 2026
  • Login
Bedanews
Advertisement
  • TNI-POLRI
  • Headline
  • Ragam
  • News
  • Politik
  • Edukasi
  • Hukum
  • Ekonomi
  • Karya
  • Profil
No Result
View All Result
  • TNI-POLRI
  • Headline
  • Ragam
  • News
  • Politik
  • Edukasi
  • Hukum
  • Ekonomi
  • Karya
  • Profil
No Result
View All Result
Bedanews
No Result
View All Result

Home » Masyarakat Pemda Punya Misi Pembangaunan Kedepan

Masyarakat Pemda Punya Misi Pembangaunan Kedepan

Asep Budi by Asep Budi
5 September 2015
in Tak Berkategori
5
0
SHARES
1
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

Sukabumi, BEDAnews.com

Walikota Sukabumi, H. Mohamad Muraz, SH., M.M., boh sacara pribadi boh Kepala Daérah katut Pamaréntah Kota Sukabumi, ngahaturkeun nuhun ka sakumna pihak, anu geus ngabantu jeung ngarojong kana palaksanaan pangwangunan deui Pasar Pelita Kota Sukabumi, sarta pangwangunan tempat panampungan saheulaanan padagang Pasar Pelita Kota Sukabumi, di lahan urut Depot Pertamina Kota Sukabumi, cindekna di lelewek Kalurahan Citamiang, Kacamatan Citamiang, Kota Sukabumi. 

Walikota Sukabumi ngajelaskeun, sakumaha anu dimalum ku saréréa, yén Kota Sukabumi téh ngabogaan Visi Pangwangunan Kota Sukabumi Taun 2005-2025, nya éta Ngawujudna Kota Sukabumi Sabagé Puseur Palayanan anu Hadé dina Widang Pendidikan, Kaséhatan jeung Perdagangan di Jawa Barat, anu di Dadasaran Ku Iman jeung Taqwa; sarta Visi Walikota katut Wakil Walikota Sukabumi Taun 2013-2018, nya éta Ku Iman jeung Taqwa Ngawujudkeun Pamaréntahan anu Rahmatan Lil Alamin. 

Tah pikeun ngawujudkeun kadua eta visi téh, dilaksanakeun rupa-rupa program jeung kagiatan pangwangunan, ka asup ngawangun deui Pasar Pelita Kota Sukabumi, sabagé puseur perdagangan atawa pasar anu réprésentatif. Lantaran pasar téh jadi tujuan utama pikeun warga masarakat, sabagé tempat pikeun nyumponan kabutuhan hirup sapopoé. Sabab rupa-rupa kabutuhan poko warga masarakat, pasti aya di pasar, boh bahan pangan boh sandang, anu dijual sacara grosir jeung ritél atawa écéran. 

Salian ti éta ogé dijelaskeun, luyu jeung kamekaran warga masarakat anu gancang muru ka arah modéren, ngaakibatkeun beuki réa tumuwuh Pasar Sewalayan, boh mangrupa Minimarkét jeung Supermarkét, boh Hypermarkét jeung Pasar Modéren séjénna. Ngan sok sanajan kitu, pikeun para padagang di Pasar Tradisional, ku réana tumuwuh Pasar Modéren téh, henteu ngajadikeun faktor utama kana turunna pangsa pasar. Sabab Pasar Tradisional ogé masih kénéh mampu sakaligus jadi saéngan pikeun Pasar Modéren, boh dina masalah kualitas boh dina masalah harga. 

Sedengkeun anu jadi hahalang pikeun para padagang Pasar Tradisional téh, nya éta aya dina ruang lingkup anu heureut, sarta kotor jeung becék. Tah ku ayana éta hal téh, ogé luyu jeung Visi Pangwangunan Kota Sukabumi sarta Visi Walikota katut Wakil Walikota Sukabumi, ka asup niténan kaayaan Pasar Pelita Kota Sukabumi, hususna tina masalah kaséhatan jeung sekala palayanan pasar sabagé pasar pang badagna di Kota Sukabumi, kurang nyumponan sarat jeung kahayang balaréa, boh pamaréntah boh masarakat. 

Tah ku kituna, éta pasar téh perlu sagancangna diwangun deui anu leuwih representatif, supaya bisa ngaakomodir rupa-rupa kabutuhan masarakat. Disagigireun ti éta, para PKL (Padagang Kaki Lima) anu aya di sabudeureun éta pasar, bisa ditampung di lanté dasar pasar anu anyar. Lian ti éta ogé dijelaskeun, hal anu teu éléh penting dina ngawangun deui éta pasar téh, nya éta aya aréa pedestrian atawa torotoar jeung aréa parkir anu nyumponan kabutuhan, supaya warga masarakat anu rék balanja, bisa leuwih gampang ngadeugdeug éta pasar.(MYS)

BeritaTerkait

Imigrasi Hadirkan PASPORINGKAS, Urus Paspor Tak Perlu Isi Data Manual

28 November 2026

Selain Pro-Karier ASN, Redesain Reformasi Birokrasi Harus Mampu Wujudkan Asta Cita dan Berdampak Ke Masyarakat

28 November 2026
Previous Post

Nicke Siti Rahayu, SH, MH: Perpustakaan Kalurahan Sindangsari Dapat Bantuan Rupa-Rupa Buku

Next Post

Perda Nom1 Tahun 2012 Tentang RTRW Mengakomodasi Kebijakan Perlindungan Lahan Pertanian

Related Posts

News

Imigrasi Hadirkan PASPORINGKAS, Urus Paspor Tak Perlu Isi Data Manual

28 November 2026
News

Selain Pro-Karier ASN, Redesain Reformasi Birokrasi Harus Mampu Wujudkan Asta Cita dan Berdampak Ke Masyarakat

28 November 2026
News

Mendikdasmen Ajak Guru Terus Memberikan Insipirasi bagi Para Murid

28 November 2026
News

Kepala Bakom: Presiden Prabowo Ingin Kembalikan Kekayaan Bangsa dari Cengkeraman Oligarki 

28 November 2026
News

Kepala Bakom: 4,3 Juta Hektare Lahan Ilegal Bakal Diambil Alih Negara, Bisa untuk Gaji Guru hingga Sejahterakan Rakyat

28 November 2026
TNI-POLRI

Panglima TNI Hadiri Penutupan Pendidikan Dasar Integratif Taruna Akademi TNI dan Akpol Tahun 2026

28 November 2026
Next Post

Perda Nom1 Tahun 2012 Tentang RTRW Mengakomodasi Kebijakan Perlindungan Lahan Pertanian

Please login to join discussion

JDIH DPRD Kota Cimahi

LPKL

BEDA Itu pilihan

SERIKAT MEDIA SIBER INDONESIA

MFC - Bedanews.com © 2021

Welcome Back!

Login to your account below

Forgotten Password?

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In
No Result
View All Result

MFC - Bedanews.com © 2021