Sukabumi, BEDAnews.com
Perpustakaan Kalurahan Sindangsari, Kacamatan Lembursitu, Kota Sukabumi, jadi duta Propinsi Jawa Barat, dina Lomba Perpustakaan Kalurahan Tingkat Nasional Taun 2015, anu nurutkeun rarancangna baris dicalagarakeun dina patengahan bulan Séptémber 2015 nu bakal datang. Lantaran éta Perpustakaan téh, kapeto jadi juara kahiji, dina Lomba Perpustakaan Kalurahan Tingkat Propinsi Jawa Barat Taun 2015, sarta meunang Layang Pangajén, Trophy jeung Hadiah, ti Bapusipda (Badan Perpustakaan jeung Arsip Daérah) Propinsi Jawa Barat. Salian ti éta, Perpustakaan SMA Negri 3 Kota Sukabumi ogé, kapeto jadi juara kadua, dina Lomba Perpustakaan Sakola Tingkat Propinsi Jawa Barat Taun 2015.
Kepala Kapusipda (Kantor Perpustakaan Umum jeung Arsip Daérah) Kota Sukabumi, Nicke Siti Rahayu, S.H., M.H., salaku Pembina Téknis Perpustakaan sa Kota Sukabumi, dibarengan ku Lurah Sindangsari, Saépulloh, S.Pd., salaku Pembina Perpustakaan Kalurahan Sindangsari, Koordinator Perpustakaan Kalurahan Sindangsari, Yoyoh Wardiyah, S.E., jeung Kepala SMA Negri 3 Kota Sukabumi, Céng Mamad, S.Pd. ngajelaskeun, éta prestasi téh ngarupakeun prestasi sakumna pihak, nya éta pamaréntah jeung masarakat Kota Sukabumi, hususna Kapusipda Kota Sukabumi, Kalurahan Sindangsari, Perpustakaan Kalurahan Sindangsari, jeung Perpustakaan SMA Negri 3 Kota Sukabumi.
Sedengkeun indikator anu nangtukeun Perpustakaan Kalurahan Sindangsari kapeto jadi juara kahiji dina éta lomba téh, lantaran nyumponan sakabéh kritéria pangajénan anu ditetepkeun ku tim pangajén, anu ngawengku SDM (Sumber Daya Manusa), Lega Gedong 120 Méter Pasagi, SOTK (Struktur Organisasi jeung Tata Kerja), Sarana, Jumlah Koléksi Buku, Palayanan, Anggaran, Gawé Bareng, Promosi, jeung Kagiatan anu aya mangpaatna pikeun masarakat, hususna dina ngarojong Paningkatan IPM (Indéks Pangwangunan Manusa), nya éta Indéks Pendidikan ngaliwatan Maca Buku, Indéks Kaséhatan, jeung Indéks Daya Beuli Masarakat ngaliwatan rupa-rupa kagiatan jeung palatihan anu ngabogaan basis buku. Sabab perpustakaan téh kudu jadi puseur kagiatan masarakat dina sagala widang.
Salajuna program unggulan anu dimekarkeun ku Perpustakaan Kalurahan Sindangsari téh, diantarana Ngawanohkeun Internét Haratis ka para pamula, Palatihan Miara Lélé ka para Patani Lauk, Palatihan Melak Kaktus ka KWT (Kelompok Wanita Tani), Palatihan Nyieun Sulam Kerudung jeung Gantungan Konci tina sésa lawon, sarta Palatihan Nyieun Endog Asin ka warga masarakat jeung kader PKK. Disagigireun ti éta, ogé Panyuluhan Kaséhatan pikeun kader PKK jeung Posyandu, sarta Panyuluhan Hukum pikeun kader PKK.
Lian ti éta ogé dijelaskeun, Perpustakaan Kalurahan Sindangsari téh diadegkeun taun 2010. Dina taun 2011 meunang bantuan sarébu éksemplar buku rupa-rupa disiplin élmu jeung 2 siki erak buku, ti Bapusipda Propinsi Jawa Barat. Äšta jumlah koléksi buku téh, danget ieu geus ngarekahan jadi 2 rébu 268 éksemplar buku rupa-rupa disiplin élmu, lantaran katambahan tina hasil meulian, maké anggaran Kalurahan Sindangsari, sarta hibah ti Panerbit jeung Kapusipda Kota Sukabumi. Sedengkeun jumlah buku anu dibaca jeung diinjeum, dina satiap bulanna ngahontal 2 rébu 80 éksemplar, sarta jumlah anu ngadongdon, dina satiap bulanna rata-rata ngahontal 900 urang, jeung jumlah Anggota Aktif danget ieu ngahontal 200 urang.(MYS)













