• DISCLAIMER
  • PEDOMAN MEDIA CYBER
  • TENTANG KAMI
  • REDAKSI
  • Contact Us
Sabtu, November 28, 2026
  • Login
Bedanews
Advertisement
  • TNI-POLRI
  • Headline
  • Ragam
  • News
  • Politik
  • Edukasi
  • Hukum
  • Ekonomi
  • Karya
  • Profil
No Result
View All Result
  • TNI-POLRI
  • Headline
  • Ragam
  • News
  • Politik
  • Edukasi
  • Hukum
  • Ekonomi
  • Karya
  • Profil
No Result
View All Result
Bedanews
No Result
View All Result

Home ยป Tujuan Dilaksanakannya Sholat Sunah Istisqo Memohon Diturunkan Hujan

Tujuan Dilaksanakannya Sholat Sunah Istisqo Memohon Diturunkan Hujan

Asep Budi by Asep Budi
5 September 2015
in Tak Berkategori
5
0
SHARES
1
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

Sukabumi, BEDAnews.com

Pamaréntah Kota Sukabumi, gawé bareng jeung DP MUI (Déwan Pimpinan Majelis Ulama Indonésia) Kota Sukabumi, nyalagarakeun Sholat Sunah Istisqo Tingkat Kota Sukabumi Taun 2015, cindekna dina poé Juma’ah beurang, 28 Agustus 2015, atawa tanggal 13 Dzulqodah 1436 Hijriyah, di Lapangan Merdéka Kota Sukabumi, anu dimimitian ti pukul 13.15 WIB nepi ka réngsé, satutasna ngalaksanakeun Sholat Jumaahan di Masjid Agung Kota Sukabumi. 

Sedengkeun anu mancén Imam dina éta sholat téh, nya éta Imam Besar Masjid Agung Kota Sukabumi, K.H. Gozali Sanusi, katut Hutbah Istisqo, ditepikeun ku Ketua Umum DP MUI Kota Sukabumi, Prof. Dr. K.H. Dédi Ismatullah Machdi, S.H., M.Hum. Ngan saméméh dicalagarakeun éta sholat téh, leuwih ti heula dilaksanakeun Doa Istianah atawa Istigosah, anu dipingpin ku Ustadz Ar-ruyani, ti Pondok Pasantrén Tarbiyatul Ahlaq Sukabumi. 

Saterusna para jamaah anu ilubiung dina panyalagaraan éta sholat téh, diantarana Wakil Walikota Sukabumi, Pimpinan katut Anggota DPRD, Unsur Muspida, Sekertaris Daérah Kota Sukabumi, Wakil Ketua TP PKK, Ketua DWP, para Asistén Daérah jeung Setaf Ahli Walikota, para Kepala OPD jeung Instansi Vértikal, para PNS, TNI jeung Polri, para pangurus jeung anggota MUI, DMI, Majelis Talim, Ormas, Mahasiswa, Palajar jeung Santri. Salajuna, dina panyalagaraan éta sholat téh, para jamaah lalaki maraké baju koko, péci, calana atawa samping sarung, sarta maraké sorban atawa salempay, jeung para jamaah wanoja maraké busana muslimah. 

Wakil Walikota Sukabumi, H. Achmad Fahmi, S.Ag., M.M.Pd., dina biantarana ngajelaskeun, maksud jeung tujuan dicalagarakeunana ieu sholat téh, nya éta neneda ka Nu Maha Kawasa, sangkan sagancangna diturunkeun hujan, sanggeusna ngarandapan usum halodo panjang. Sabab hukum Sholat Sunah Istisqo téh, nya éta Sunah Muakkad, dina mangsa kagaringan atawa kahalodoan anu lumangsung panjang, pikeun nyumponan kabutuhan cai anu kacida ngadesekna. 

Salian ti dicalagarakeun di Tingkat Kota Sukabumi, éta sholat téh ogé dicalagarakeun di Tingkat Kacamatan jeung Kalurahan sa Kota Sukabumi, anu panyalagaraanana dikoordinir ku Camat jeung Lurah, sarta Pangurus MUI Kacamatan jeung Kalurahan masing-masing. Sedengkeun para jamaah anu milu sholat di Tingkat Kacamatan jeung Kalurahan mah, diantarana Camat, Lurah, PNS, TNI, Polri, masyarakat, mahasiswa, palajar jeung santri, anu aya di wewengkon Kacamatan jeung Kalurahanana masing-masing.(MYS)

BeritaTerkait

Imigrasi Hadirkan PASPORINGKAS, Urus Paspor Tak Perlu Isi Data Manual

28 November 2026

Selain Pro-Karier ASN, Redesain Reformasi Birokrasi Harus Mampu Wujudkan Asta Cita dan Berdampak Ke Masyarakat

28 November 2026
Previous Post

Pelaksanaan HAM Salah Satu Kegiatan Pemerintah

Next Post

H. Mohamad Muraz, SH, MM: Seluruh Instansi Berupaya Merealisasikan Wacana Pengembangan KAC

Related Posts

News

Imigrasi Hadirkan PASPORINGKAS, Urus Paspor Tak Perlu Isi Data Manual

28 November 2026
News

Selain Pro-Karier ASN, Redesain Reformasi Birokrasi Harus Mampu Wujudkan Asta Cita dan Berdampak Ke Masyarakat

28 November 2026
News

Mendikdasmen Ajak Guru Terus Memberikan Insipirasi bagi Para Murid

28 November 2026
News

Kepala Bakom: Presiden Prabowo Ingin Kembalikan Kekayaan Bangsa dari Cengkeraman Oligarkiย 

28 November 2026
News

Kepala Bakom: 4,3 Juta Hektare Lahan Ilegal Bakal Diambil Alih Negara, Bisa untuk Gaji Guru hingga Sejahterakan Rakyat

28 November 2026
TNI-POLRI

Panglima TNI Hadiri Penutupan Pendidikan Dasar Integratif Taruna Akademi TNI dan Akpol Tahun 2026

28 November 2026
Next Post

H. Mohamad Muraz, SH, MM: Seluruh Instansi Berupaya Merealisasikan Wacana Pengembangan KAC

Please login to join discussion

JDIH DPRD Kota Cimahi

LPKL

BEDA Itu pilihan

SERIKAT MEDIA SIBER INDONESIA

MFC - Bedanews.com ยฉ 2021

Welcome Back!

Login to your account below

Forgotten Password?

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In
No Result
View All Result

MFC - Bedanews.com ยฉ 2021